Jumat, 25 Juni 2021

Carita Nyata: "Nu Gelo Nembalan"

Ieu carita nyata anu dialaman ku si Kamsuy (Nami nu saleresna aya dina saku redaksi).

Harita kuring geus teu kuat hayang ka cai, paur kababayan, kapaksa nyimpang heula ka Pom bengsin. Lain arek ngeusi bengsin keur motor tapi arek ngadon ka WC. Untung wae aya WC anu kosong hiji deui. Karek oge gog-nagog, di WC sabeulah aya anu nanya :


"Cageur euy?"
"Cageuur...!" ceuk kuring
"Masih gawe di nu bareto?"
"Ah ngeureuyeuh we, da jaman kiwari mah hese neangan deui gawe teh geuningan !" ceuk kuring bari ngaheujeun. Tapi hate tatanya, sahaaa ieu jelema, make apaleun ka kuring.
"Budak masih keneh dua?"*
"Geus tilu ayeuna mah!"
kuring beuki panasaran, saha ieu mangkeluk teh.
"Pamajikan cageur?"
"Pan maot taun kamari, basa ngajuru ku si bungsu jeung ceuk mantri mah cenah aya tumor dina rahimna!" ceuk kuring bari rada ngaharegeng tur mikir beuki panasaran saha ieu manusa di WC sabeulah.
Teu kungsi lila terus di WC sabeulah ngomong kieu : "Geus heula nya nelepon na, ieu di kamar sabeulah aya jelema gelo, nembalan wae!"

Horeng nu ngomong di WC sabeulah teh lain ka kuring, tapi keur nelepon jeung baturna..., kuring seuri bari ngalenggak bakating ku ni'mat campur era ampir tijengkang tina Closet.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Ketua PGRI Jabar, Ketua RW-10 Ankid, Drs. H. Dede Amar, M.M.Pd., Wafat

بِسۡـــــــــمِ ٱللهِ ٱلرَّحۡـمَـٰنِ ٱلرَّحِـــــــيمِ إِنَّا لِلّٰهِ وَإِنَّا إِلَيْهِ رَاجِعُوْنَ اَللهُمَّ اغْفِرْلَهُ وَارْحَمْهُ وَعَاف...